Info Iklan

Mitra, ais pangampih Manglé sadar pisan, kanyaah paramitra ka ieu majalah ageung pisan. Da, tiasana Mangle medal mayeng téh, cukang  lantaranana mah  kanyaah mitra-mitrana. Nya kanyaah kawas kitu ogé nu ngalantarankeun ais pangampih Manglé gaduh sumanget sareng tanaga kanggo teras medalkeun ieu majalah.
Mémang, dina mahabuna media on liné, hirup-huripna média sapertos Mangle mingkin teu babari. Lantaran, piliheun warta sareng aoseun  mitra-mitra gé tambih seueur. Mung ais pangampih mah yakin, di sagedéngeun mémang kanyaah mitra-mitra ka ieu majalah, kahadiran warta dina basa Indung tetep moal gampil kasilih ku basa sareng media séjén.
Mitra, medalna Manglé, tangtos gaduh udagan. Iwal ti hoyong ngiring ngaronjatkeun ajén-inajén kahirupan urang Sunda, ogé hoyong ngantengkeun silaturahmi sareng pinton kanyaah kana hirup-huripna basa jeung budaya Sunda. Ku margi kitu, dina ngawartakeun sanés kanten nu kajantenan, Manglé mah milih cara nu ‘kahoyong’ mah luyu sareng mamaras rasa Ki Sunda. Mung, naha angen-angen kitu téh tiasa kahontal? Timbang taraju aya di paramitra.
Dina salebeting nyorang lima puluh lima taun, tangtos suka-duka moal weléh karandapan. Mung, da perkara nu kawas kitu mah, ilahar kalaman dina rupa-rupa widang. Ku margi kitu, tekad ais pangampih Manglé, tetep baris satékah polah mendakan mitra-mitrana.

Informasi Iklan MANGLE ONLINE :
Rudi H. Tarmidzi
Email : rudi@mangle-online.com (081910474146)
Ayi Sundana 
Email : ayie_35@mangle-online.com (085720238476)


0 komentar:

Posting Komentar